-->

Syair Salapan Nyata Aya Wali Gusti

(Euleuh Geuning Eta, Sugan Teh Saha. Euleuh Geuning Kitu, Sugan Teh Kumaha.)
Pikeun Ningkatkeun Kayakinan Dina Kanyataan

Ta'rif Wali teu wungkul pinter calakan,
Make jubah di bendo kangkalung sorban,
Sabab aya Wali nu cicing di jalan,
Jiga jalma biasa dina raksukan.

Ari Wali Gusti teh loba rupana,
Aya nu tajrid ngawurukan umatna,
Aya deui nu dohirna jadi Raja,
Eta karek sawareh tina contona.

Ari Wali Gusti teh Jalma pilihan,
Anu Ku Gusti di bere Kamulyaan,
Pikeun wushul tepi kana Ka Tunggalan,
Mukalamah Sirna eujeung Dzat Pangeran.

Aya nu taroqi leumpang nyukcruk galur,
Tina Af'al Asma' Sifat Dzat Nu Luhur,
Ngaji jeung Guru Mursyid bari tafakur,
Kana Ka Akbaran Gusti anu ngatur.

Aya deui nu tadali di caturkeun,
Langsung Ku Gusti Alloh teh di papagkeun,
Sabab eta hak Gusti anu nangtukeun,
Teu bisa di penta angot di paksakeun.

Elmu nu kieu teh di luar pikiran,
Alloh mikeun rasa Ka Jalma pilihan,
Na dohir percayana ku ka imanan,
Dina batin mah timbulna ka yaqinan.

Para Wali teh tangtu nyata ayana,
Dina saban tempat jeung sewang tugasna,
baheula teh jeung ayeuna taya beda,
Para Kakasih mah angger tetep aya.

Maka atuh sing baragus cita-cita,
Ulah nepi ka tipu dunya nu hina,
Kudu pasrah jiga jalma tanpa nyawa,
Dina batin bari ngahormat adatna.

Ngado'a teh ngaku sifat Ka Abdian,
Matak sok Ku Urang Gusti teh puntangan,
Sangkan jadi Jalma anu di ridhoan,
Mugi calik dina maqon Ka Walian.

Berlangganan update artikel terbaru via email:

0 Response to "Syair Salapan Nyata Aya Wali Gusti"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel