Euleuh Geuning
Euleuh geuning sugan tea anu mana
Geuning deukeut tibatan urat beuheungna
Baheula teh memeh gubrag ka alam dunya
Kungsi panggih malah mah Gusti teh nanya
Euleuh geuning sugan tea lain kitu
Padahal mah Gusti apal Urang kitu
Bari ayana lain sawaktu-waktu
Ngaliputan mahlukna teu butuh waktu
Euleuh geuning ieu kabeh nu karasa
Tur pang rasa pang riksa keur sarerea
Eta ka kurung sifat Gusti nu nyata
Sifat Kawasa Kersa tur teu kapaksa
Euleuh geuning ieu kabeh nu ka kuping
Tur pang nguping sora nyada nu di kuping
Kade maneh kabehan kudu areling
Eta ka rungkup sifat sama' Nu Ginding
Euleung geuning kabeh anu ka tingali
Tur paningal nu di tingal ulah lali
Di bere panon tur awas ju ningali
Eta teh ka kurung ku bashorna Gusti
Euleuh geuning loba jalma nu ngagarong
Kana Af'al cenah panon bisa melong
Kade urang ulah jadi jalma sayong
Bisi paeh ngan sa ukur jadi pocong
Euleuh geuning loba anu salah mikir
Maruk pangdengena ceuli anu nyelir
Mangkahade Gusti teh nu Maha Hadir
Alloh Tunggal nu maparin eta taqdir
Euleuh geuning Alloh teh nu eta tea
Af'al Asma' Sifat Dzat Alloh Nu Nyata
Anu Tunggal Nu Manunggal Taya Dua
Kade lian eta kabeh mah sulaya
Euleuh geuning ma'nana Allohu Akbar
Mahluk euweuh wungkul Gusti Nu Gumelar
Ku wungkul Agungna Alloh urang sadar
Kabeh Ka Allohan kade bisi sasar
Geuning deukeut tibatan urat beuheungna
Baheula teh memeh gubrag ka alam dunya
Kungsi panggih malah mah Gusti teh nanya
Euleuh geuning sugan tea lain kitu
Padahal mah Gusti apal Urang kitu
Bari ayana lain sawaktu-waktu
Ngaliputan mahlukna teu butuh waktu
Euleuh geuning ieu kabeh nu karasa
Tur pang rasa pang riksa keur sarerea
Eta ka kurung sifat Gusti nu nyata
Sifat Kawasa Kersa tur teu kapaksa
Euleuh geuning ieu kabeh nu ka kuping
Tur pang nguping sora nyada nu di kuping
Kade maneh kabehan kudu areling
Eta ka rungkup sifat sama' Nu Ginding
Euleung geuning kabeh anu ka tingali
Tur paningal nu di tingal ulah lali
Di bere panon tur awas ju ningali
Eta teh ka kurung ku bashorna Gusti
Euleuh geuning loba jalma nu ngagarong
Kana Af'al cenah panon bisa melong
Kade urang ulah jadi jalma sayong
Bisi paeh ngan sa ukur jadi pocong
Euleuh geuning loba anu salah mikir
Maruk pangdengena ceuli anu nyelir
Mangkahade Gusti teh nu Maha Hadir
Alloh Tunggal nu maparin eta taqdir
Euleuh geuning Alloh teh nu eta tea
Af'al Asma' Sifat Dzat Alloh Nu Nyata
Anu Tunggal Nu Manunggal Taya Dua
Kade lian eta kabeh mah sulaya
Euleuh geuning ma'nana Allohu Akbar
Mahluk euweuh wungkul Gusti Nu Gumelar
Ku wungkul Agungna Alloh urang sadar
Kabeh Ka Allohan kade bisi sasar
0 Response to "Euleuh Geuning"
Post a Comment