Kecap Ti Kian Santang
Kabeh kur jijigaan, iwal Gusti anu enyaan. Usaha jijigaan, dzikir jijigaan, sakola masantren jijigaan, najan teu usaha rizki geus aya bageana, najan teu dzikir wushul geus aya catetana, najan teu sakola jeung masantren elmu geus aya takerana, tah nu jiga ge geus jiga enya (di taqdirkeun usaha alamat rek datang rizki, di taqdirkeun dzikir alamat rek panggih jeung Gusti, di taqdirkeun sakola jeung masantren alamat rek meunang elmu, tapi teu sakabeh alamat eta metukan, da ari jijigaan mah lain enyaan, bisa bener bisa salah, buktina geuning aya nu usaha teu beunghar, geuning aya nu dzikir teu wushul, geuning aya nu sakola jeung masantren tapi belet), komo anu enya teu kabayang kos kumaha.
#RanahHaqiqat
#RanahHaqiqat
0 Response to "Kecap Ti Kian Santang"
Post a Comment