Bakekok
Di reret lain ka pelet,
di tingal henteu rumingkal,
sugan teh saha dimana,
horeng kitu hakekatna.
Repeh na boga ka ngeunah,
Seurina nyimpen kabungah,
Dimana-mana ge mernah,
Nu kitu Aulia Illah.
Duh Gusti Abdi hampura,
ku pedah Abdi sulaya,
sugan tea Abdi aya,
ning wungkul Gusti nu nyata.
Ngadu'a lain cangcaya,
ngan ngaku Abdi teu daya,
sumujud nu bangsa siri,
warisan ti para Nabi.
Di puji lain pujieun,
Di hina kitu nyatana,
Ulah ting sok asa-asa,
Masing gede karumasa.
Lamun hayang, hayang naon ?,
Lamun embung, pedah naon ?,
Mun sieun dasarna naon ?,
Lamun ludeung aya naon ?.
Kadangkala Gusti maksa,
Mere rasa hayang tea,
Tapi henteu jeung laksana,
Kade urang tong kecewa.
Sing alus panarimaan,
Kana taqdir ti Pangeran,
Malar tambah ka Imanan,
Antukna ka Ma'rifatan.
Alloh tunggal taya dua,
Matak ulah sok midua,
Kitu lampah teh sulaya,
Teu akur jeung bukti nyata.
Rajeun Alloh na taqdirna,
Mere kahayang kacida,
Di barengan ku laksana,
Bahan sukur ka Mantena.
Ulah kalah jadi poho,
Ka Gusti nu maha nyaho,
Mun kitu urang boloho,
Anu nyata teu katenjo.
Mun nempo tong sok boloho,
komo lamun sologoto,
sabab nempo bisa poho,
lamun kanu henteu nyaho.
di tingal henteu rumingkal,
sugan teh saha dimana,
horeng kitu hakekatna.
Repeh na boga ka ngeunah,
Seurina nyimpen kabungah,
Dimana-mana ge mernah,
Nu kitu Aulia Illah.
Duh Gusti Abdi hampura,
ku pedah Abdi sulaya,
sugan tea Abdi aya,
ning wungkul Gusti nu nyata.
Ngadu'a lain cangcaya,
ngan ngaku Abdi teu daya,
sumujud nu bangsa siri,
warisan ti para Nabi.
Di puji lain pujieun,
Di hina kitu nyatana,
Ulah ting sok asa-asa,
Masing gede karumasa.
Lamun hayang, hayang naon ?,
Lamun embung, pedah naon ?,
Mun sieun dasarna naon ?,
Lamun ludeung aya naon ?.
Kadangkala Gusti maksa,
Mere rasa hayang tea,
Tapi henteu jeung laksana,
Kade urang tong kecewa.
Sing alus panarimaan,
Kana taqdir ti Pangeran,
Malar tambah ka Imanan,
Antukna ka Ma'rifatan.
Alloh tunggal taya dua,
Matak ulah sok midua,
Kitu lampah teh sulaya,
Teu akur jeung bukti nyata.
Rajeun Alloh na taqdirna,
Mere kahayang kacida,
Di barengan ku laksana,
Bahan sukur ka Mantena.
Ulah kalah jadi poho,
Ka Gusti nu maha nyaho,
Mun kitu urang boloho,
Anu nyata teu katenjo.
Mun nempo tong sok boloho,
komo lamun sologoto,
sabab nempo bisa poho,
lamun kanu henteu nyaho.
0 Response to "Bakekok"
Post a Comment