Suluk Geuning Jadina Teh
Salila bisa ngitung, angka moal matak beak, padahal geus angka 9 teh angka 10 (hakekatna mah balik deui ka angka 1, sabab angka 0 mah eweuh).
Tah kahayang ge kitu. Moal matak beak salila hirup di dunya, padahal unggal cumpon kahayang teh angger nu datangna mah bungah nu bakal jadi sedih. Conto hayang mobil, bungah nalika ka cumponan, sedih nalika ruksak atawa leungit. Tah etateh bukti yen Diri lolong, tegesna teu bisa nempo kanu mere kahayang, mere proses jeung mere cumpon, padahal tina angka anu loba teh tetep indit ti angka 1 balik deui ka angka 1, kabeh angka ka angka hijian (angka 2,3,4,5,6,7,8,9 ngaliwatan angka hiji, kabeh mahluk ge ngaliwatan Rohman Rohimna Alloh, tegesna di kitu kieukeun na ku Alloh). Tina mahluk nu sakitu lobana teh kaliputan ku Rohman Rohimna Alloh anu tunggal, ti mimiti kahayang nepika cumpona, etateh tapak damel Alloh, ti Alloh ka Alloh ku Alloh, Tinu loba manggih nu Tunggal. Geus angka 1 teh angka 0 (angka 10 sapuluh), mun geus panggih jeung nu tunggal, mahluk teh eweuh laksana angka 0, geus angka 0 teh angka 1 (angka 11 sabelas), tah dina angka 10 sapuluh mah panan aya angka 1 aya angka 0, jadi aya dua ingetan, inget Alloh aya ibarat angka 1 jeung inget ewehna mahluk ibarat angka 0, tah dina angka 11 sabelas mah aya angka 1 jeung angka 1, jadi nu aya wungkul angka 1 (nu aya wungkul Alloh), geus angka 1 teh angka 2 (angka 12 dua belas), tegesna tina Tajali atau Ma'rifat ka Alloh, turun deui ka mahluk, bari inget ka mahluk teu ngahalang inget ka Alloh, inget ka Alloh teu ngahalang inget ka mahluk, najan ningali angka 2,3,4,5,6,7,8,9 ge teu poho ka angka 1, sabab memeh angka 2,3,4,5,6,7,8,9 teh angka 1 heula, tuluy geus angka 9 teh angka 1 deui, jadi ku ningali angka 2,3,4,5,6,7,8,9 teh kalah beuki inget ka angka 1, ku ningali mahluk nu loba teh beuki inget ka Alloh.

0 Response to "Suluk Geuning Jadina Teh"
Post a Comment