-->

Pepeling Diri Di Jalan Gusti

Mun mimiti gawe dosa,
paur leungit karumasa,
salah geus teu asa-asa,
pajar kitu teh biasa.

Lamun poho Ka Pangeran,
geuwat robah kalakuan,
sabab etateh siksaan,
sumberna kadorakaan.

Loba cara Ka Gustian,
dina prak-prakan ngelingan,
ti mimiti kangeunahan,
parat nepika nyerian.

Etateh kabeh Ti Gusti,
atuh sing sae panampi,
hate husus Keur Ilahi,
keun badan sina babakti.

Batin ulah di eusian,
ku perkara kadunyaan,
komo lamun di pinuhan,
eta angot salah pisan.

Lamun diri keur tugenah,
keun hate mah sina mernah,
madep manunggal Ka Ilah,
antep awak anu incah.

Lamun diri ngaku aya,
na ibadah osok ria,
di paruji ku baraya,
bari Ka Alloh sulaya.

Jiga enya tapi jiga,
ngarasa dirina bangga,
asa ceuk jalma mah mulya,
geuning ceuk Gusti mah hina.

Maruk bener ceuk manehna,
padahal salah kacida,
mun geus apal tah salahna,
gancang penta hampurana.

Tiheula kula geus nyawang,
dosa lain ladang hayang,
pedah ka Allohna mungpang,
jadi dosa nu kabangbrang.

Dina pada hakekatna,
kabeh jalma hayang surga,
tapi napada prak-prakanana,
lampahna mapag naraka.

Etateh salah presepsi,
hayang duit lain kuli,
hayang bagja kalah lali,
jauh Ti Gusti Hyang Widhi.

Ieu pepeling keur Diri,
pek regepkeun sing taliti,
tur lakukeun sing gumati,
ngarah wushul Ka Ilahi.

Berlangganan update artikel terbaru via email:

0 Response to "Pepeling Diri Di Jalan Gusti"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel